Novel : Sumirat Hati Sari ; BAB 2




BAB 2 

Sari henteu nyimpen luka pikeun dirina sorangan. Sanajan haténa sok nyeri ku omongan Ibu Sumirat, sanajan incu nyucuk ku sindiran, anjeunna henteu ngurung diri. Anjeunna malah ngajarkeun ku sikap. Di dapur, di ruang tengah, di sajadah nu sepi, Sari jadi cerminan kahadean nu henteu dipintonkeun ku sora, tapi ku lampah.

Hiji wanci, aya Tatangga nu sami janten mantu séjén nu datang ka imah, ngadu ka Sari minangka bari ulin teteh Lian ngarana:

Lian (ngadu bari renghap ranjug): "Teh Sari, abdi teu kuat. Mitoha abdi sok nyindir, sok nyalahkeun. Abdi sok hayang ngajawab, tapi sieun dosa."

Sari (ngajawab bari biasa karakter sari nu lemah lembut): "Sabar téh henteu hartina teu nyeri. Tapi sabar téh milih pikeun henteu ngabalas. Lamun urang ngajawab ku amarah, urang leungit kahormatan. Tapi lamun urang ngajawab ku leuleus, urang ngajaga ruh."

Lian: "Tapi naha Teh Sari tiasa sabar saperti kitu?"

Sari (seuri leutik): "Abdi henteu kuat sorangan. Tapi abdi sok nyungkeun ka Allah dina sujud. Sabar téh henteu datang ti diri, tapi ti langit."

Sari henteu nyarita loba, tapi lampahna ngajarkeun. Anjeunna ngajaga dapur, ngajaga adab, ngajaga waktu salat. Anjeunna henteu nyalahkeun mitoha, tapi nyungkeun supaya haténa henteu kagoda. Anjeunna ngajarkeun yén rumah tangga téh lain tempat pikeun unggul, tapi tempat pikeun silih asah jeung silih asih.

Di hiji sore, Raka nyarita ka Sari:

Raka: "Sari, abdi sok reuwas. Anjeunna nu nyiksa haté, tapi anjeun nu ngajarkeun kahadean."

Sari (seuri leutik minangka senyum): "Abdi henteu ngajarkeun, Kang. Abdi ngan milih pikeun henteu nyieun luka tambahan. Sabab luka téh geus loba, ulah ditambahan ku abdi."

Peuting éta, angin ngageleger leuleus ngaliwatan jandela. Sari nuju beberesih dapur, bari nyengetkeun haté nu rada nyeri ku sindiran saméméhna. Ibu Sumirat masih keneh nyundar omongan, tapi Sari henteu ngabalas. Anjeunna nyimpen sagalana dina sujud, dina tangis nu henteu dipintonkeun.

Taya nu nyangka, Ikna—incu ti lanceukna Raka—nu sok nyindir Sari ku polosna budak, ayeuna mimiti nanya ku rasa nu jero.

Ikna (ngadeukeutan Sari di dapur): "Tante Sari, naha tante sok senyum wae sanajan disindir ku nini?"

Sari (seuri minangka senyum): "Tante Sari henteu sok seuri, Ikna. Tapi Ateu sok milih pikeun henteu midamel ka sewot nini. Nini téh sepuh , haténa loba luka nu teu kasampurnakeun. ateu henteu hoyong nambihan ."

Ikna (ngageleng): "Tapi ateu henteu cape?"

Sari (ngusap sirah Ikna): "Cape mah aya, Ikna.  Tapi lamun cape ku sabar, Allah nu bakal ngagantikeun ku tenang. ateu sok nyungkeun ka Allah supaya haté henteu beku." naha ikna nyariosna kitu jiga nu tos dewasa weh ikna teh nya. nontonan bae film korea jigana nya. (bari seuri)

Ti harita, Ikna sok ngadeukeutan Sari. Anjeunna henteu nyindir deui, tapi sok nanya. Nanya ngeunaan salat, nanya ngeunaan sabar, nanya ngeunaan kahirupan. Sari henteu ngajarkeun ku buku, tapi ku lampah. Ku cara masak nu leuleus, ku cara beberesih bari dzikir, ku cara ngajawab sindiran ku seuri.

Hiji wanci, Ikna nyarita ka indungna:

Ikna: "Ibu, abdi hoyong jadi sapertos Tante Sari. Sanajan disindir, anjeunna henteu balas. Tapi haténa siga caang."

Indungna reuwas. Tapi haténa ngageter. Anjeunna sadar, sabar téh henteu leungit. Sabar téh nurun. Sabar téh jadi cahaya nu diturunkeun ka generasi salajengna.


Bersambung ..............

Novel : Sumirat Hati Sari ; BAB 1


Posting Komentar

0 Komentar