Novel : Sumirat Hati Sari
BAB 1
Di hiji kampung nu leuleus ku angin, aya hiji awéwé nu anyar jadi minantu. Ngaran anjeunna Sari. Anjeunna henteu lahir ti kulawarga nu kacida kayana, tapi haténa pinuh ku kahadean jeung adab. Nalika anjeunna nikah jeung Raka, anjeunna sadar yén nikah téh lain ukur ngahijikeun dua jiwa, tapi ogé dua kulawarga. Anjeunna henteu nganggap mitoha salaku beban, tapi salaku amanah ti Allah—indung ti salaki nu kudu dipihormat, sanajan kadang perlakuanana nyucuk haté.
Unggal poé, Sari nyanghareupan rupa-rupa omongan ti mitohana. Kadang disindir ku cara masak, kadang dibanding-bandingkeun jeung mantu séjén. Kadang dipikasieun ku hal nu henteu jelas. Tapi Sari henteu ngadu ka salaki. Anjeunna henteu ngumpat di jero haté. Anjeunna nyimpen sagalana dina sujud-sujud panjang, dina tangis nu henteu dipintonkeun. Anjeunna yakin, sabar téh lain tanda kalah, tapi tanda kuatna iman. Anjeunna nginget sabda Rasulullah ﷺ:
“Sabar téh cahaya.” Cahaya nu henteu sok caang di dunya, tapi caang di akhirat.
Dina sepi, Sari sok nyebut asma Allah. Anjeunna nyungkeun supaya haténa henteu beku ku amarah, henteu kagoda ku bisikan setan nu ngajak balas dendam. Anjeunna rumasa, salakina téh anak ti indung nu geus ngandung, ngasuh, jeung ngadoakeun. Sanajan mitohana kadang teu adil, Sari henteu ngukur kahormatan ku perlakuan, tapi ku amanah. Anjeunna nganggap nyeri haté téh bagian tina ujian, nu bisa jadi jalan pikeun ngaronjatkeun derajat di sisi Allah. Anjeunna yakin, nu sabar téh moal rugi. Di dunya bisa jadi henteu dipikawanoh, tapi di akhirat, sujud-sujudna nu nyimpen tangis bakal jadi cahaya nu nyalametkeun.
Sari henteu nyimpen dendam, tapi nyimpen doa. Anjeunna henteu ngarep pujian ti manusa, tapi ngarep berkah ti langit. Anjeunna nginget hikmah ti Ibnu Athaillah:
“Jangan kau merasa tenang karena dunia memelukmu, sebab dunia memelukmu hanya untuk melepaskanmu.” Sari sadar, kahirupan téh henteu salawasna lemes. Tapi lamun haté bisa lemes, dunya moal bisa ngancurkeun jiwa. Anjeunna ngajaga adab, ngajaga rasa, ngajaga iman. Anjeunna ngajarkeun yén sabar téh lain pasrah, tapi pilihan nu luhur. Pilihan pikeun ngajaga kahormatan diri, kulawarga, jeung hubungan jeung Allah.
Sari nuju nyiapkeun sangu jeung sayur asem di dapur, bari nyengetkeun haté nu rada nyeri ku omongan saméméhna. Taya nu nyangka, Ibu Sumirat datang ka dapur bari nyidik.
Sari (leuleus ngajawab): "Hapunten, Bu. kin pami ngadamel deui ku abdi radi di tambihan asemna. Mugia tiasa nyugemakeun ."
Ibu Sumirat (ngageleng): "Nya, mantu ayeuna mah loba nu teu bisa masak. Ngan bisa nyimpen poto di HP."
Sore éta, angin ngageleger leuleus ngaliwatan jandela dapur. Sari nuju beberesih, haténa rada nyeri ku omongan Ibu Sumirat tadi. Raka, salakina, datang ti luar, ngadenge sakedik omongan nu teu merenah ti indungna.
Ibu Sumirat (ngomong bari nyidik): "Raka, mantu anjeun téh kudu diajar deui. Masakna teu nyugemakeun, beberesihna teu rapih."
Raka (ngadeukeutan, bari ngajaga nada sopan): "Ibu, abdi nyuhunkeun hampura. Tapi Sari téh geus usaha sabisa-bisa. Anjeunna henteu nyalempang, henteu ngeluh. Anjeunna sok nyimpen rasa dina doana."
Ibu Sumirat (rada kagét): "Naha anjeun ngabela ka pamajikan, Raka?"
Raka (leuleus tapi tegas): "Abdi henteu ngabela, Bu. Abdi ngajaga. Sari téh amanah ti Allah, nu abdi kudu rawat. Tapi anjeunna ogé henteu pernah nyarita kasar ka ibu. Anjeunna sok ngajaga adab, sanajan haténa kadang nyeri."
Ibu Sumirat (ngalemes): "Nya, abdi teu sadar mun omongan abdi nyucuk haténa."
Raka (ngusap leungeun indungna): "Ibu, abdi yakin ibu téh haténa bageur. Tapi kadang rasa teu sadar bisa nyieun luka. Sari téh henteu nyalempang, tapi abdi nu nyaksian sabarna. Mugi urang sami-sami ngajaga kaharmonisan, sabab rumah tangga téh tempat pikeun silih asah, silih asih, silih asuh."
Dina peuting éta, Sari salat tahajud. Tangisna henteu lantang, tapi nyurup kana sajadah. Anjeunna henteu nyungkeun supaya mitohana robah, tapi supaya haténa tetep lemes, tetep sabar, tetep ngahargaan. Raka ngadeukeutan, ngusap tonggongna, bari nyebut: "Hatur nuhun, Sari. Ku sabarmu, abdi diajar jadi salaki nu leuwih jero haténa."
Ibu Sumirat téh awéwé nu haténa heuras. Teu gampang lemes, teu gampang muji. Ti leutik hirupna pinuh ku perjuangan, nepi ka jadi adat: omongan kudu tegas, sindiran jadi biasa. Sari, minantu nu leuleus, sabar, jeung geulis, jadi sasaran sindiran sapopoé. Sanajan henteu pernah nyalempang, haténa kadang nyeri. Tapi anjeunna henteu ngadu, henteu ngeluh. Anjeunna nyimpen sagalana dina sajadah, dina sujud nu panjang, dina tangis nu henteu dipintonkeun.
Unggal omongan Ibu Sumirat sok aya sindiran:
Ibu Sumirat (di dapur, bari nyidik): "Geulis mah geulis, tapi lamun teu bisa nyugemakeun kulawarga, moal lila dipikaresep."
Sari (leuleus ngajawab): "Hapunten, Bu. Abdi bakal langkung diajar. Mugia tiasa nyugemakeun."
Ibu Sumirat (ngageleng): "Diajar mah diajar, tapi kudu aya hasilna. Ulah ngan saukur nyumput di balik seuri."
Hiji wanci, kulawarga ngariung di ruang tengah. Aya incu ti lanceukna Raka nu ngarana Resikna, budak leutik kasebut dewasa tapi masih SMP sakolana, tapi kadang nyebutkeun naon nu didenge ti kolotna.
Resik (ngomong bari maen HP): "Tante Sari mah teu acan gaduh dede, nya? kunaon teu acan tiasa janten ibu?"
Sari reuwas. Haténa ngageter. Tapi anjeunna seuri leutik, ngusap sirah incuna.
Sari (leuleus): "Tante Sari mah masih diajar jadi ibu nu sabar. Mugi engké Allah maparin amanah."
Ibu Sumirat ngadenge éta, tapi henteu nyarita. Tapi tatapanana nyucuk. Raka nu nyaksian, ngadeukeutan Sari, ngusap tonggongna, bari nyebut:
Raka (ka Ikna, bari seuri): "Tante Sari téh ibu nu hebat. Sanajan can boga anak, haténa pinuh ku kahadean. Allah nu netepkeun waktu, urang mah cukup sabar jeung percaya."
Peuting éta, Sari salat tahajud. Tangisna henteu lantang, tapi nyurup kana sajadah. Anjeunna nyungkeun ka Allah supaya haténa henteu beku, supaya sabarna henteu leungit. Anjeunna henteu nyungkeun supaya mitohana robah, tapi supaya dirina kuat. Raka ngadeukeutan, ngusap tonggongna, bari nyebut:
Raka: "Sari, sabarmu téh ngajarkeun abdi kumaha carana jadi lalaki nu ngarti. Hatur nuhun parantos ngajaga kahadean sanajan kanyeri datang sapopoé."
lanjut .. Bab 2

Posting Komentar
0 Komentar