Palum: Rasa Nu Teu Saukur Ti Létah
Ti Pakpak ka Puseur Bahasa Nasional
"Palum" asalna tina basa Batak Pakpak, salah sahiji sub-etnik di Sumatra Utara. Dina basa aslina, kecap ieu nuduhkeun kaayaan teu haus—sikep nu jarang diungkabkeun sacara langsung dina kosakata umum Indonesia. Tapi ayeuna, palum geus diaku sacara resmi, nyieun jembatan antara kearifan lokal jeung standar nasional.
Conto kalimah: Sanggeus Lulumpatan budak teh nginum cai di sakolana, kolotna heug ngomong "Pami tos lulumpatan teh, eta sok geura nginum ber teu haus. pok budak teh nyarita "abdi mah tos palum bieu di sakola ngalueut cai mani ngaregot".
Kecap ieu hadir kawas pasangan pikeun "kenyang" nu sabalikna tina "lapar"—ngajelaskeun yén basa bisa terus narima, nangkeup, jeung mekar.
Makna Nu Ngaleuwihan Bahasan Lahir
Basa Nu Nguatkeun Nilikkeun Kacida
Dina budaya kuliner, rasa haus jeung lapar sering dibahas, tapi henteu sering aya istilah keur rasa nu geus puas nginum. Kecap palum ngajadikeun narasi kuliner leuwih lengkep. Bayangkeun resep tradisional nu muncul di konten-konten vidio atawa blog nu nyaritakeun kuliner nu di akhirna bisa ditutup ku kalimah: "Alhamdulillah sekarang sudah kenyang ,dan palum Juga." tuuhnya bisa kitu nya..
Basa Nu Meuntas Wates
Palum nuduhkeun kumaha basa bisa mekar. Kecap nu asalna lokal bisa jadi bagian tina arus utama, asal diasupkeun ku cara nu tangtu, jelas, jeung hormatPanambahan kecap “palum” bisa jadi bagian tina rubrik “Ngabogarasa Nu Kiwari”—ngulik basa, tradisi, jeung rasa nu jadi ciri khas urang Sunda jeung bangsa Indonesia sacara umum.

Posting Komentar
0 Komentar